Tatarucingan

Tatarucingan Sunda


Perhatian :


Sura-seuri sorangan bisa disangka jalma gelo, tapi lamun nu maca tatarucingan ieu teu seuri-seuri acan, aya tilu kemungkinan. Kahiji jalma eta keur stress, kudu dirawat di jalan Riau Bandung, nu kadua jalma nu maca teu ngartieun basa Sunda, Nu katilu jalma eta teu bisa seuri pisan tikudrat ti keur lahir.

Dulur-dulur, cikan bisa teu neguh tatarucingan di handap ?

1. Hayam naon anu sukuna sarebu?

2. Sato naon anu teu bisaeun mundur?

3 . Bangku naon anu bisa didahar?

4 . Batu naon anu teu aya di cai?

5 . Oray naon anu teu bisaeun ngaleor?

6 . Piring naon anu bisa dipake nempo bulan?

7 . Manuk naon anu jangjangna dina suku, sirahna dina suku?

8 . Naon sababna ban mobil tina karet?

9 . Sapi naon anu bau?

10. Piring naon anu pangrame-ramena di Indonesia?

11 . Dicabak beye, ditakol ngabelentrang.

12 . Hayamna bodas, naonna anu hideung?

13 . Buah naon anu dipikaresep ku lalaki?

14 . Jam naon anu bisa nembang?

15 . Monyet naek kana tangkal kai, tinggal naonna?

16 . Pare naon anu teu ngeunah?

17. Sato naon anu sukuna dina sirah awakna dina sirah?

18. Kapas dua kg, batu sakilogram, lamun ditinggangkeun kana suku nyeri mana?

19 . Ku naon tukang baso nakolan mangkok?

20 . Soeh teu bisa dikaput, kotor teu bisa diseuseuh.

21 . Kaca naon anu nyeri?

22. Kaca naon anu seungit?

23 . Kaca naon anu pangbeuratna?

24 . Aya balon sapuluh, bitu hiji, kempes tilu, kari sabaraha deui?

25 . Dicekek beuheungna dieleketek beuteungna.

26 . Naon sababna ban sapedah anu tukang sok babari dugul?

27 . Naon sababna lamun anjing keur lumpat sok ngalieuk bae ka tukang?

28 . Hayam naon anu isuk-isuk tara kongkorongok?

29 . Leutik, bodas, panjang, teuas, lumpatna ngabelesat.

30 . Tukang naon lamun digeroan sok lumpat ngajauhan?

31. Bajuna hejo, leumpangna nguriling bari udud.

32 . Maju eleh, mundur meunang.

33. Aya manuk sapuluh ditembak hiji, tinggal sabaraha?

34. Sato naon anu pangleutik-leutikna sadunya?

35. Kapal naon anu teu bisa ngapung?

36. Hideung, leutik, bahaya.

37. Kumaha ngabedakeun sirah cacing jeung buntut cacing?

38. Naha superman bajuna make hurup “S”?

39. Tangkal naon anu sok dipikasieun?

40. Lamun Arjuna neangan cinta, ari Bima neangan naon?

41. Sirahna dina beuteung, ceulina dina beuteung, beuheungna dina beuteung.

42. Sapedah naon anu bisa ngapung?

43. Kuda naon anu teu bisa lumpat?

44. Minyak naon anu rame?

45. Batman nginum fanta, ari Superman nginum naon?

46. Hayam naon anu sok diteangan ku jelema?

47. Kalong naon anu pinter maen bal?

48. Gajah naon anu sukuna dua?

49. Lamun Superman ngapung tara ngadeukeutan panonpoe, naon sababna?

50. Diudag lumpat didagoan cicing.

Sok naon jawabanana ?…Taluk ?

Konci Jawabanana :

Tah ieu konci jawabanana

1. Hayam keur pawey

2. Sato nu keur nukangan tembok

3. Bangkuang

4. Batu garing

5. Oray nu ngalegleg linggis

6. Piring bolong

7. Manuk anu kageleng mobil

8. Mun tina coklat pasti digembrong sireum

9. Sapiteng

10. Piringatan 17 Agustus

11. Tai kotok napel dina tihang listrik

12. Kalangkangna

13. (Awewe) Buahenol

14. Jamrud

15. Tinggal turunna

16. Parea-rea omong

17. Kutu

18. Nyeri sukuna

19. Ku sendok

20. Keretas

21. Kacabok

22. Kacapiring

23. Kacalikan gajah

24. Kari salapan, da nu kempes teh ditiup deui.

25. Gitar

26. Bakating ku cape mikiran kumaha carana hayang miheulaan ban hareup

27. Sabab teu make kaca spion

28. Hayam paeh

29. Remeh napel dina kareta api nu keur maju

30. Tukang maok

31. Obat nyamuk

32. Nu keur lomba tarik tambang

33. Euweuh hiji-hiji acan da kaburu hiber

34. Incuna kuman nu teu dahar saminggu

35. Kapal nu mesinna ruksak

36. Sireum napel dina bom

37. Keleketek heula, nu seuri eta huluna

38. Sabab mun XL mah bakal logor teuing

39. Tangkal sampeu nu keur dipake nyumput maung

40. Neangan kukuna nu sok dibabawa ku tukang jamu

41. Orok nu keur dikakandung ku indungna

42. Sapedah anu ditalian kana sarebu balon gas nu keur ngapung

43. Kuda nu dicangcang

44. Minyaksikan pertandingan sepakbola

45. Minumpas kejahatan

46. Hayam leungit

47. Kalonggak Ajat Sudrajat ya… Robby Darwis

48. Gajah nu keur keprok

49. Sabab sieun S-na leeh kapanasan

50. Kalangkang